naon bedana puisi jeung prosa???
B. Daerah
syafasalsabillah1
Pertanyaan
naon bedana puisi jeung prosa???
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda
Kelas : - (SMP)
Pembahasan :
Kekecapan anu aya dina puisi mah lolobana miboga harti anu konotatif, kusabab kitu kekecapan anu aya dina puisi mah kadang-kadang miboga harti anu beda-beda, anu paling ngarti jeung nyaho kana eusi puisi mah ngan anu nulis atawa anu ngarang puisi. Kekecapan anu aya dina puisi kabatesan ku jumlah engang dina unggal padalisan jeung jumlah padalisan dina unggal pada puisi, sanajan henteu kabeh puisi miboga batesan anu pasti.
Sedengkeun kekecapan anu aya dina prosa mah miboga harti anu jelas atawa denotatif, kusabab kitu kekecapan anu aya dina prosa mah gampang kahartina. Pangarang prosa mah biasana sakuat tanaga ngusahakeun sangkan kekecapan anu aya dina tulisan teh wangunna saderhana jeung gampang kahartina. Dina prosa oge henteu dibatesan ku jumlah engang atawa jumlah padalisan atawa pada saperti anu aya dina puisi.