Naon kecap rajekan dwi purwa
B. Daerah
Selimr
Pertanyaan
Naon kecap rajekan dwi purwa
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda
Kelas : - (SMP)
Pembahasan :
Kecap rajekan mangrupa kecap anu disebut dua kali boh engangna boh wangun dasarna. Kecap rajekan dwi purwa nyaeta kecap rajekan anu dirajekna nyaeta engangna atawa suku katana. Conto kecap rajekan dwi purwa nyaeta saperti motor jadi momotoran, mobil jadi momobilan.
Salian ti kecap rajekan dwi purwa, aya oge kecap rajekan nu disebut kecap rajekan dwi madya, dwi lingga, jeung tri lingga. Conto kecap rajekan dwi madya saperti sapeuting jadi sapeupeuting. Conto kecap rajekan dwi lingga saperti mobil jadi mobil-mobil. Jeung conto kecap rajekan tri lingga saperti trang-tring-trung.