B. Daerah

Pertanyaan

Jien pupuh kinanti make ngaran sasatoan

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Guguritan
    Kelas : - (SD)
    Pembahasan :

    Pupuh teh mangrupa aturan atawa patokan anu biasa digunakeun dina sawatara puisi Sunda. Conto puisi Sunda anu biasa ngagunakeun patokan pupuh nyaeta saperti guguritan jeung wawacan. Umpama ditilik tina wangu eusina, wawacan teh nyaeta puisi Sunda anu eusina mangrupa carita. Sedengkeun guguritan nyaeta puisi Sunda anu eusina henteu mangrupa carita. Conto puisi lianna anu eusina mangrupa caarita nyaeta saperti carita pantun. Sedengkeun conto puisi Sunda lianna anu eusina henteu mangrupa carita nyaeta saperti sajak, mantra, sisindiran jeung pupujian.

    Guguritan jeung wawacan kaiket ku aturan pupuh. Aya 17 rupa aturan pupuh anu dibagi jadi dua kelompok, nyaeta Sekar Ageung jeung Sekar Alit. Dina Sekar Ageung aya opat rupa aturan pupuh. Sedengkeun dina Sekar Alit aya 13 rupa aturan pupuh. Pupuh Kinanti aya dina pupuh Sekar Ageung. Aturan anu aya dina pupuh sok disebut guru wilangan jeung guru lagu. Guru wilangan nyaeta jumlah engang dina hiji padalisan pupuh. Sedengkeun guru lagu nyaeta sora engang tungtung dina hiji padalisan pupuh.

    Guru wilangan jeung guru lagu pupuh Kinanti nyaeta 8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i. Karakter atawa watek anu biasa aya dina pupuh Kinanti nyaeta ngagambarkeun rasa nungguan, deudeupeun atawa rasa kanyaah. Tapi ari dina parktekna mah aya sawatara pupuh anu ditulis henteu saluyu jeung watekna. Di handap ieu conto guguritan anu ngagunakeun patokan pupuh Kinanti anu make ngaran sasatoan :

    Pikeun ngawuluku munding (8-u),
    diarah susuna sapi (8-i),
    nu loba endogna hayam (8-a),
    nu diasin endog meri (8-i),
    keur narik delman mah kuda (8-a),
    nu leutik mah lauk teri (8-i).

Pertanyaan Lainnya