B. Daerah

Pertanyaan

contoh sajak kaendahan alam ( 4 bait ) haturnuhun :)

1 Jawaban

  • Sajak nyaeta mangrupakeun karya sastra wangun puisi anu henteu kaiket ku aturan. Dina sastra Sunda sajak teu kaiket ku aturan nu disebut guru lagu jeung guru wilangan. Sacara singget, guru lagu nyaeta aturan nu aya hubunganana jeung sora tungtung engang dina kecap akhir nu aya dina unggal jajar puisi. Sedengkeun guru wilangan nyaeta aturan nu aya hubunganana jeung jumlah engang dina unggal jajar jeung jumlah jajar dina unggal pada.

    Ayana guru lagu jeung guru wilangan dina hiji puisi mangrupakeun cara pikeun ngajadikeun hiji puisi ngabogaan kaendahan. Sedengkeun sajak mah henteu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan. Ieu mangrupakeun hiji alasan kunaon dina mangsa munggaranana dina sastra Sunda, aya jalma anu pro atawa kontra kana sajak. Tapi akhirna sajak bisa ditarima jeung hirup dina sastra Sunda. Kusabab sajak teu kaiket ku aturan, dina mangsa munggaranana, sajak sok disebut sajak bebas.

    Pikeun anu geus biasa nulis puisi Sunda anu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan, sanajan dina sajak aya "kabebasan", nulis sajak kadang-kadang jadi sok rada hese, sabab bisa jadi anu ngaranna kabebasan teh pan relatif. Sanajan sajak teu kaiket ku aturan, tetep dina nyieun sajak aya unsur-unsur sajak anu kudu dicumponan saperti unsur tema, suasana, imaji, simbol, jeung gaya basa. Di handap ieu conto sajak Sunda anu ngabogaan tema kaendahan alam :

    Endahna Alam Priangan

    Alam Priangan nu endah
    panon nempo hate rasa
    hejo tatangkalanana
    taneuh subur jadi sabab

    Endahna alam Priangan
    loba jalma nu daratang
    lobana jalma nu datang
    ulah nepika nagruksak

    Sanajan loba nu datang
    mun unggal jalma saladar
    yen alam kudu dijaga
    kaendahan tangtu lila

    Mun kaendahan dijaga
    anak incu ge ngarasa
    endahna alam Priangan
    nu teu aya papadana

Pertanyaan Lainnya